naon Bedana novel,carpon,dongeng jeung drama?
B. Daerah
Acilestari12
Pertanyaan
naon Bedana novel,carpon,dongeng jeung drama?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Novel, Carpon, Dongeng Jeung Drama
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Novel, carpon, dongeng jeung drama teh nyaeta karya sastra anu miboga wangun anu beda-beda. Novel, carpon jeung dongeng nyaeta karya sasta anu ditulis dina wangun prosa. Sedengkeun drama nyaeta karya sastra anu naskahna ditulis dina wangun paguneman. Karya sastra novel, carpon jeung dongeng bisa dijieun versi drama na.
Novel jeung carpon nyaeta karya sastra dina wangun prosa modern. Sedengkeun dongeng nyaeta karya sastra dina wangun prosa buhun. Anu ngabedakeun novel jeung carpon utamana dina panjang caritana, novel panjangna bisa mangrupa buku. sedengkeun carpon panjangna maksimal kira-kira 5 kaca majalah.
Kata Kunci : Novel, carpon, dongeng, drama