conto pupuh magatru hiji mangsa Mang Kabayan dagang bubur cenah rek dagang nguriling rek dagang ngesang teu Payu Bet hujan tepi ka burit dagang Taya nu ngawaro
B. Daerah
Acilestari12
Pertanyaan
conto pupuh magatru
hiji mangsa Mang Kabayan dagang bubur
cenah rek dagang nguriling
rek dagang ngesang teu Payu
Bet hujan tepi ka burit
dagang Taya nu ngawaro
A.aya Sabaraha pada pupuh diluhur?
B.kumaha aturanana?
C.naon eusi pupuhna?
hiji mangsa Mang Kabayan dagang bubur
cenah rek dagang nguriling
rek dagang ngesang teu Payu
Bet hujan tepi ka burit
dagang Taya nu ngawaro
A.aya Sabaraha pada pupuh diluhur?
B.kumaha aturanana?
C.naon eusi pupuhna?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina hiji puisi Sunda. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa pupuh, anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa patokan pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa patokan pupuh. Pupuh Magatru kaasupna kana pupuh Sekar Alit. Dina nepikeunnana pupuh sok dihaleuangkeun ngagunakeun rupa-rupa tembang. Kusabab kitu, pupuh sok disebut oge tembang.
A. Pupuh anu di luhur teh aya sapada. Dina sapada eta pupuh teh aya lima padalisan. Dina basa Sunda, bait disebutna pada atawa gunduk, sedengkeun baris disebutna padalisan atawa jajar.
B. Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta lobana engang dina unggal padalisan. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora tungtung engang dina unggal padalisan puisi atawa pupuh. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh Magatru nyaeta 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o.
C. Pikeun nilik atawa nganalisa hiji puisi, saperti pupuh, bisa digunakeun unsur-unsur anu aya dina hiji puisi. Unsur-unsur anu dimaksud nyaeta unsur tema, nada jeung suasana, rasa, jeung amanat. Eusi hiji puisi atawa pupuh bisa ditilik tina unsur amanatna. Eusi atawa amanat tina eta pupuh nyaeta yen dina kahirupan teh geus biasa kadang bisa meunang rejeki kadang henteu.