B. Daerah

Pertanyaan

naon wae pancen panumbu catur nalika mingpin diskusi

1 Jawaban

  • Pancen panumbu catur nalika mingpin diskusi utamana nyaeta ngarahkaeun atawa ngatur lumangsungna acara diskusi atawa sawala ti mimiti nepi ka anggeusna acara diskusi. Panumbu catur nyaeta salahsahiji profesi anu kaasup kana girang acara. Conto lianna tina girang acara nyaeta saperti panata acara atawa anu sok disebut oge MC atawa singgetan tina master of ceremony.    

    Pembahasan

    Di handap ieu nyaeta pancen panumbu catur nalika mingpin sawala sacara leuwih rinci:

    1. Ngabuka sawala  
    2. Ngatur waktu sawala jeung nepikeun perkara nu rek disawalakeun.
    3. Ngajaga atawa miara jalanna sawala.
    4. Ngeureunkeun atawa megat omongan pamilon sawala anu nyaritana teu museur.
    5. Ngalelempeng (ngarahkeun) jalanna sawala sangkan ngahontal tujuan anu dipiharep.
    6. Nampung jeung ngamalirkeun kahayang pamilon sawala.
    7. Nyusun kacindekeun sawala jeung nutup acara sawala.

    Acara sawala teh mangrupakeun salahsahiji wangun paguneman resmi. Paguneman nyaeta nyarita dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih. Dina paguneman aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun sangkan paguneman bisa lumangsung sacara merenah.  

    Hal-hal anu perlu diperhatikeun dina paguneman nyaeta nu aya patalina jeung tarik launna sora dina waktu nyarita atawa sok disebut oge lafal, luhur handapna sora dina waktu nyarita atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah, sarta penjiwaan anu merenah.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Pengertian girang acara brainly.co.id/tugas/12816378
    • Tugas panumbu catur brainly.co.id/tugas/4601892
    • Tugas panata acara jeung panumbu catur brainly.co.id/tugas/13413361

    __________

    Detil Jawaban


    Kelas : IX  

    Mapel : Bahasa Sunda - Girang Acara  

    Bab : 1  

    Kode : 9.13.1  

    Kata Kunci : Panumbu catur, panata acara, girang acara

Pertanyaan Lainnya