B. Daerah

Pertanyaan

harti kecap kalintang

1 Jawaban

  • Harti kecap kalintang nyaeta kacida, teu kinten atawa naker. Dina basa Sunda kecap kalintang kaasup kana kecap anu lemes. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Dina basa Sunda, aturan ngeunaan ragam basa disebutna Tatakrama Basa Sunda.

    Dina ragam basa hormat atawa lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur. Basa lemes keur ka sorangan oge bisa keur ka batur anu sahandapeun atawa sasama. Sedengkeun basa lemes keur ka batur nyaeta keur ka batur anu saluhureun atawa batur anu dipikahormat.

    Kecap kalintang kaasup kana kecap lemes keur ka sorangan jeung keur ka batur, kecap kacida kaasup kana kecap loma atawa kasar, kecap teu kinten kaasup kana kecap lemes keur ka batur, jeung kecap naker kaasup kana kecap loma atawa kasar.


    Kategori Soal : Bahasa Sunda

    Kelas : - (SMA)

    Kata Kunci : Kalintang, kacida, teu kinten, naker

Pertanyaan Lainnya