naon bedana warta dina TV atawa majalah jeung koran ?
B. Daerah
yuminishari
Pertanyaan
naon bedana warta dina TV atawa majalah jeung koran ?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Anu jadi andelan dina warta nu aya dina TV nyaeta saperti pilihan kecap atawa kekecapan anu aya dina hiji warta, tarik launna sora atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, jeung penjiwaan anu nepikeun warta. Sedengkeun anu jadi andelan dina warta anu aya dina majalah jeung koran ngan saukur pilihan kecap atawa kekecapan anu digunakeun dina warta. Warta anu aya dina TV ditempo jeung didenge. Warta nu aya dina majalah jeung koran dibaca.
Salian ti eta, anu nyarita atawa anu maca warta dina TV kudu nepikeun warta kalayan merenah saperti nepikeun biantara. Kukituna aturan atawa pedoman anu aya dina cara nepikeun biantara oge bisa digunakeun dina maca warta. Aturan atawa pedoman anu biasa digunakeun dina nepikeun hiji biantara nyaeta saperti anu sok disebut atawa disingkat TAMAN. TAMAN nyaeta singkatan tina Tatag nyaritana, Aktual temana, Munel eusina, Alus basana, jeung Ngandung wirahma.